
Hiji poe jam 8 isuk-isuk, Kriiing…kriiing…kriiing, aya telepon di meja loket bioskop.
Kohim : “Hallow neng, uing rek nanya bioskop buka jam sabaraha?”
Penjaga Loket : “engke jam 1 kang !”
Kohim : “buka na jam 9 we nya,neng!”
Penjaga Loket : “teu tiasa atuh kang, tos biasa jam 1 bukana”
Jam 11 telepon disada deui..kriiiiiing….kriiiing…..kriiiiiing!
Kohim : “Hallo neng, jam sabaraha buka na bioskop teh?”
Penjaga Loket : “Akang nu tadi neleponnya? pan tos diwartosan bukana jam 1”
Kohim : “Jam 12 we atuh neng nyaaa..”
Penjaga Loket : “teu tiasa, emangna bioskop nini maneh ?” (judes)
Kohim : “nawar saetik we atuh neng, cing karunya baelah satengah 1 we nya?”
Penjaga Loket : “sabenerna maneh teh hayang lalajo film naon atuh,mani kacida pisan, hayoh we neleponan.” (keuheuleun pisan)
Kohim : “hiks…hiks…(ceurik), uing ka konci dijero bioskop neng, peuting pas lalajo film kasarean. Tulungan atuh pang mukakeun pantona uing hayang balik. “(ceurik beuki tarik)
Facebook
Twitter
Google+
RSS